Senin, 22 Februari 2016

Kacapi Wikipedia Bahasa Sunda

Kacapi

Kacapi mangrupakeun waditra musik Sunda anu dipaké minangka pakakas musik utama dina Tembang Sunda atawa Mamaos Cianjuran sarta kacapi suling.
Kecap kacapi dina basa Sunda ogé ngarujuk kana tangkal sentul, anu dipercaya kaina dipaké pikeun nyieun pakakas musik kacapi.





Wangun

Wincikan unsur nada dina hiji Kacapi Parahu
Nurutkeun wangun fisikna, aya dua rupa kacapi:
  1. Kacapi Parahu atawa Kacapi Gelung ; jeung
  2. Kacapi Siter
Kacapi Parahu nyaéta hiji kotak résonansi anu bagian handapna henteu ditutup supaya jadi tempat kaluarna sora. Sisi-sisi wanda kacapi ieu dijieun sahingga mirupa parahu. Di mangsa katukang, kacapi ieu dijieun langsung tina kai ku cara dipahat.
Kacapi siter mangrupakeun kotak résonansi kalayan widang rata anu sajajar. Sarupa jeung kacapi parahu, liangna ditempatkeun dina bagian handap. Sisi bagian luhur sarta handapna ngawangun trapésium.
Pikeun dua rupa kacapi ieu, unggal talina ditalikeun kana hiji sekrup leutik dina sisi katuhu beulah luhur éta kotak. Kacapi-kacapi ieu bisa dipanteng dina sistem: pélog, sorog/madénda, atawa saléndro.
Ayeuna, kotak résonansi kacapi dijieun ku cara ngelém sisi-sis genep widang papan.

Kaguna

Kacapi indung jeung kacapi rincik
Nurutkeun fungsina dina marengan juru tembang, kacapi digunakeun minangka:
  1. Kacapi indung; jeung
  2. Kacapi Anak atawa Kacapi Rincik
Kacapi indung ngaluluguan musik ku cara méré intro, bridges, sarta interlude, ogé nangtukeun témpo. Pikeun tujuan ieu, dipaké hiji kacapi badag kalayan 18 atawa 20 tali.
   
Kacapi Rincik ngabeungharan jentréngan ku cara ngeusian rohang antar nada ku frékuénsi-frékuénsi luhur, hususna dina lagu-lagu anu boga métrum tetep kawas dina kacapi suling atawa Sekar Panambih. Pikeun tujuan ieu, dipaké hiji kacapi anu leuwih leutik kalayan tali anu jumlahna nepi ka 15.
  

Karinding Wikipedia Bahasa Sunda

Karinding

Karinding nyaéta salah sahiji alat musik tradisional Sunda anu cara maénna dibetrik ku tungtung ramo bari diteundeun dina baham. Ieu waditra teh kaasup jenis lamelafon atawa idiofon. Biasana dijieun tina bahan palapah kawung atawa tina awi. Karinding mangrupa waditra tina kulawarga harpa mulut, masih kénéh sajenis jeung génggong (Bali), ogé kuriding ti (Kalimantan Kidul)








Sumebarna

Karinding sumebar kalawan lega di wewengkon Banten jeung Jawa Kulon. Ari di Banten, utamana aya di kampung Gajéboh wewengkon adat Baduy. Di Jawa kulon aya sababaraha wewengkon nu dipikawanoh minangka wewengkon nu ngahasilkeun karinding, nyaeta: Citamiang, Pasirmukti, Cineam, Tasikmalaya, lingkung Karinding Sadulur (Kasalur), Cikeunten Mangkubumi, (Tasikmalaya), Lingkung Karinding Tunggal Ciamis, Lewo Malangbong, (Garut), jeung Cikalongkulon (Cianjur) nu nyieun karinding tina palapah kawung. Di wewengkon Limbangan jeung Cililin mah, karinding teh dijieunna tina awi, ieu nandaan taun dijieunna, jeung nu makena ge para wanoja istri. Hal ieu katiten tina wangunna nu jiga cucuk gelung nu gampil ditancebkeun dina gelung para wanoja rambut. Karinding tina kawung lolobana dipake ku lalaki, wangunna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya tilu buku (ruas).

Cara Nabeuhna

Karinding disimpen dina biwir, terus tepak bagian paneunggeulna ngarah kacipta résonansi sora. Karindng biasana ditabeuh sacara solo atawa grup (2 nepi ka 5 urang). Hiji diantarana disebut juru kawih anu ngatur ritem. Di wewengkon Ciawi, baheulana karinding diulinkeun jeung takokak (pakakas musik bentukna kawas daun). Kiwari, nabeuh karinding diinovasi dibarungan ku pakakas musik sejenna.
Sangkan jadi wirahma, carana karinding ditabeuhna ku cara semu ditiup ku hawa tina baham. Bedana nabeuh karinding jeung alat musik jenis mouth harp sejenna nyaèta lebah tepakan. Ari nu sejenna mah ditoèl. Nya ku cara ditepak loba kapanggih wirahma anu beda-beda. Ketukan tina waditra karinding disebutna Rahel, nyaèta keur ngabedakeun saha anu kudu nepak tiheula jeung satuluyna. Nu tiheula makè rahél kahiji, anu kadua maké rahél kadua, jeung saterusna.
Euyeubna sora nu dihasilkeun ku karinding nimbulkeun rupa-rupa sora anu mirip sora wirahma waditra séjén, antarana bae sora kendang, goong, saron bonang atawa bass, rhytm, melodi jeung sajabana. Malah ku karinding bisa nyieun lagu sorangan, sabab cara nepakna anu beda jeung sora tina baham nu bisa divariasikeun bisa ngagampangkeun urang ngahasilkeun sora nu warna-warni. Ceuk kolot, baheula mah ngalagu teh bisa ku karinding, upama urang geus maher ngulinkeun sora karinding, bakal manggihan atawa ngahasilkeun sora pikeun nyarita, tapi sora anu kaluarna sada sora robotik.

Mangpaatna

Karinding teh dipercaya boga mangpaat pikeun pikeun ngusir hama di sawah. Sora anu dihasilkeun tina ke leterna jarum karinding kaitung sora nu handap low decible. Sorana dihasilkeun tina ditabeuhna gagang karinding ku tungtung curuk nu ditepak-tepakkeun. Eta sora nu kaluar teh ngan kadenge ku sabangsa sasatoan insekta, kayaning wereng, simeut, jangkrik, atawa oge ku manuk, jeung sajabana. Kiwari eta sora teh disebutna ultrasonik. Sanajan kitu, can aya panalungtikan ilmiah anu husus ngulik perkara sora karinding patali jeung mangpaatna kana ngusir hama. Salian ti ngusir hama, mangpaat karinding oge pikeun ngabeberah maneh, sangkan betah waktu jaga sawah atawa huma.

Goong Wikipedia Bahasa Sunda

Goong

Goong nyaéta salah sahiji waditra takol dina perangkat gamelan pélog, saléndro atawa degung. Pungsi goong nyaéta minangka panutup nada. Ngaran goong mangrupa hasil tina sora éta waditra sorangan, lamun ditakol sorana Gong. Goong miboga bentuk nu panggedéna lamun dibandingkeun jeung waditra séjén saperti bonang jeung jenglong. Goong miboga sababaraha bentuk diantarana: goong gantung, goong buyung, goong tiup, goong bendé, jsté.







Bahan jeung Rancang Wangun

Goong gantung

Goong gantung miboga bentuk buleud, miboga penclon anu dijieun tina logam beusi atawa perunggu. Ukuran diamétérna 90-105cm. Penclonna miboga diamétér 7-10cm. Papasingan bagian goong diantarana: Raray goong nyaéta bagian sakuriling penclon; Manis raray nyaéta bagian sakuriling raray; taktak nyaéta bagian sakuriling manis raray; awak nyaéta awak goong anu ukuranna 8-12cm; nu terahir nyaéta lalambé mangrupa bagian goong nu handap.

Goong Buyung

Goong buyung nyaéta goong anu dijieun tina perunggu atawa beusi, bentukna mangrupa wilahan anu dibagian tengahna miboga penclon. Disebut goong buyung sotéh lantaran resonator/ gema sorana dijieun tina buyung atawa gentong wadah cai. Kaayeunakeun résonator goongna sok dijieun tina kai. Di Daérah Karawang atawa Bekasi goong buyung disebut Goong Angkog.

Goong Tiup

Goong tiup nyaéta goong anu dijieun tina awi gombong, diaménkeun kucara ditiup. Pungsina bisa jadi goong gedé jeung goong leutik (kempul). Gedé-leutikna sora gumantung kana cara ngésér jeung ngatur panyocok nu aya dina awi.

Ragam Hias

Ilaharna goong gantung anu boga ragam hias mah. Ragam Hiasna ogé ngan aya dina kakanco (paragi ngagantungkeun goong) wungkul, dianatarana: oray naga mangrupa simbul bujangga; Lauk mas mangrupa simbul kamakmuran; Kalamakara/Raksasa mangrupa simbul Katabahan jeung kakuatan pikeun nyingkahan sabangsaning iblis.

Cara Nabeuh

Hampir sakabéh jenis goong dimaénkeun kucara ditabeuh maké panakol husus. Ngan sok béda-béda posisi nakolna, misal goong gantung mah ditakol ka arah gigir, ari goong buyung mah ditakol ka arah handap kawas nakol jenglong. Alat panakolna buleud, dibungkus ku kaén manglapis-lapis, dicekel ku leungeun katuhu, ditakolkeun ka penclonna. Goong leutik (kempul) jeung goong buyung mah kudu diténgkép maenkeunana, ngarah sorana teu panjang teuing

Angklung Wikipedia Bahasa Sunda

Angklung

Angklung nyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, diulinkeun ku cara dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) sahingga ngahasilkeun sora nu ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa nu leutik. Laras (nada) nu dipaké angklung tradisional Sunda biasana saléndro jeung pelog.



 

 

 

 

 

Rupa rupa angklung :

Angklung Kanékés

angklung kanekes anu di anggo olah jalmi badui mangrupa patilasan karajaan sunda anu mangrupa pakarang nyarupaan pager awi ti jalmi wengker anu berkerja kanggo majapahit sanggeus perang bubat kanggo menghindari serangan sarupa.
Pikeun tujuan hiburan, angklung ilaharna dipidangkeun nalika caang bulan jeung teu hujan. Ieu hiburan téh digelar di buruan bari nembang, di antarana Lutung Kasarung, Yandu Bibi, Yandu Sala, Ceuk Arileu, Oray-orayan, Dengdang, Yari Gandang, Oyong-oyong Bangkong, Badan Kula, Kokoloyoran, Ayun-ayunan, Pileuleuyan, Gandrung Manggu, Rujak Gadung, Mulung Muncang, Giler, Ngaranggeong, Aceukna, Marengo, Salak Sadapur, Rangda Ngendong, Celementre, Keupat Reundang, Papacangan, jeung Culadi Dengdang.

Angklung Reyog

Angklung Reyog mangrupa pakakas musik kanggo ngiringkeun tarian reyog ponorogo di jawa wetan. angklung Reyog ngabogaan has ti sagi soanten anu teuas pisan,ngabogaan dua nada sarta wangun anu lengkungan hoe anu metot (henteu sepertos angklung umumna ang ngawangun kubus) kalawan hiasan benang berumbai-rumbai kelir anu endah anu boga fungsi minangka jimat. di kisahkan angklung mangrupa hiji pakarang ti karajaan bantarangin sabot ngalawan karajaan lodaya dina abad ka 9,sabot kameunang ku karajaan bantarangin para soldadu atoh tak terkecuali pemegang angklung,margi kakiatan anu istimewa penguat ti tali kasebat geublay dugi ngahasilkeun soanten anu has yaktos klong-klong sarta klung-kluk lamun didengar bade ngarasakeun geter spiritual.
angklung Reyog ieu mangrupi pager awi anu boga fungsi minangka pakarang sarta periai dugi di anggo ku karajaan majapahit kanggo menaklukeun nusantara,sumawonten jga di anggo dina perang bubat anu di cepeng ku pihak wengker

Angklung Dogdog Lojor

Kasenian dogdog lojor ayana di masarakat Kasepuhan Pancer Pangawinan atawa masarakat adat Banten Kidul nu sumebar di sabudeureun Gunung Halimun. Najan kasenian ieu ngaranna dogdog lojor, luyu jeung salasahiji alat musikna, ieu kasenian dilengkepan ogé ku angklung, sabab patali jeung upacara adat paré. Unggal geus panén, masarakat ngayakeun acara Sérén Taun di puseur kampung adat (imah kokolot) anu biasana pindah-pindah luyu jeung paréntah tina wangsit.
Tradisi ngamulyakeun paré di ieu masarakat masih terus lumangsung, kusabab masarakatna masih pengkuh kana adat baheula. Dumasar pitutur turun-tumurun, ieu masarakat adat ngaku salaku turunan para prajurit karaton Pajajaran barisan Pangawinan (prajurit nu marawa tumbak). Najan kitu, masarakat kasepuhan ieu geus lila ngagem Islam sarta narima kana modérenisasi. Luyu jeung kamekaran ieu, dogdog lojor ogé kadang sok midang dina acara nyunatan, ngawinkeun, sarta karaméan lianna.
Kasenian dogdog lojor dimaénkeun ku genep urang nu nyepeng alat musikna séwang-séwangan, nyaéta dua dogdog lojor jeung opat angklung gedé, nu masing-masing boga ngaran: gonggong, panémbal, kingking, jeung inclok (noron ti nu pangbadagna).
Lagu-lagu dogdog lojor di antarana Balé Agung, Samping Hideung, Oléng-oléng Papangantén, Si Tunggul Kawung, Adulilang, jeung Adu-aduan.
Upami di Sukabumi kasohorna Dogdog loyor pangrojong dina acara panen.

Angklung Gubrag

Angklung gubrag ayana di kampung Cipining, kecamatan Cigudeg, Bogor. Ieu angklung umurna geus kolot, dipaké dina upacara melak, ngunjal, jeung ngadiukkeun paré ka leuit. Dumasar carita turun-tumurun, ieu angklung téh mimiti aya dina hiji mangsa paceklik.

Badéng

Badéng téh mangrupakeun kasenian nu asalna ti Sanding, Malangbong, Garut. Bentuk kasenian angklung ieu dipaké pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad ka-16 atawa 17. Harita, Arpaén jeung Nursaen (dua warga Sanding), diajar Islam ka Demak. Samulangna ti Demak, aranjeunna nyumebarkeun ajaran Islam ka masarakat Sanding hususna migunakeun kasenian badéng.
Angklung nu dipaké dina pintonan badéng aya salapan: angklung roél dua, angklung kecer hiji, angklung indung jeung bapa opat, jeung dua angklung anak anu dibarengan ku dogdog dua, terebang atawa gembyung dua, jeung kecrék hiji. Rumpaka tembangna maké basa Sunda nu euyeub ku istilah basa Arab, nu kadieunakeun ogé ditambah ku basa Indonésia. Eusi rumpakana taya lian ti ajén -inajén Islam jeung pitutur. Pidangan ieu kasenian kadang ogé dibarengan ku debus nu mintonkeun élmu-élmu kawedukan.
Tembang-tembang badéng anu kawentar, di antarana Lailaha illalloh, Ya’ti, Kasréng, Yautika, Lilimbungan, jeung Solaloh.

Buncis

Buncis téh seni pintonan nu watekna hiburan, nu utamana kawentar di wewengkon Baros

 

Calung Wikipedia Bahasa Sunda

Calung


Calung nyaéta pakakas musik Sunda anu mangrupa prototipe (purwarupa) tina angklung. Béda jeung angklung, cara maénkeun calung mah ku cara nakol (wilahan, bilah) awi anu disusun nurutkeun titi laras (tangga nada) pentatonik (da-mi-na-ti-la). Jenis awi pikeun nyieun calung lolobana tina awi wulung (awi hideung), tapi aya ogé anu dijieun tina awi temen (awi pulas bodas). Sajaba dihartikeun salaku pakakas musik, calung ogé jadi istilah sebutan pikeun seni pintonan. Aya dua wangun calung Sunda anu dipikawanoh, nyaéta calung rantay sarta calung jingjing.

 

Kamekaran 

Jenis calung anu ayeuna mekar sarta dipikawanoh sacara umum nyaéta calung jingjing. Calung jingjing nyaéta jenis pakakas musik anu geus lila dipikawanoh ku urang Sunda, contona di wewengkon Sindang Heula - Brebes, Jawa tengah, sarta bisa jadi mangrupa kamekaran tina wangun calung rantay.
Di Jawa Barat, wangun kasenian ieu dirintis popularitasnya nalika para mahasiswa Universitas Padjadjaran (UNPAD) anu kagabung dina Departemen Kesenian Déwan Mahasiswa (Lembaga kesenian UNPAD) mekarkeun wangun calung ieu ngaliwatan kreativitasnya dina taun 1961. Numutkeun salah saurang panaratasna, Ekik Barkah, yén dijieunna calung jinjing katut pintonanana kailhaman ku wangun kaulinan dina pintonan réog anu ngadumaniskeun unsur nakol, unggut sarta lagu dina hiji pintonan.
Saterusna dina taun 1963 wangun kaulinan sarta tatabeuhan calung leuwih dimekarkeun deui ku parakanca ti Studiklub Teater Bandung (STB; Koswara Sumaamijaya dkk), sarta antara taun 1964 - 1965 calung leuwih dimasyarakatkeun deui ku parakanca di UNPAD minangka seni pintonan anu boga sipat hiburan sarta informasi (penyuluhan (Oman Suparman, Ia Ruchiyat, Eppi K., Enip Sukanda, Edi, Zahir, saparakanca), sarta grup calung SMAN 4 Bandung (Abdurohman dkk).
Saterusna muncul grup-grup calung di Bandung, contona Layung Sari, Ria Buana, Glamor (1970) jrrd, nepi ka danget ayeuna, muncul ngaran-ngaran idola pamaén calung diantarana Tajudin, Nirwan, Odo, Uko Hendarto, Adang Cengos, jeung Hendarso. Kamekaran kasenian calung kacida onjoyna di Jawa Barat. Ieu hal téh ngabalukarkeun ditambahanana sawatara pakakas musik dina calung, contona kosrék, kacapi, piul (biola), komo kiwari mah aya anu dilengkepan keyboard jeung gitar. Unsur vokal pohara dominan dina calung, ku kituna réa muncul vokalis calung kawéntar, kawas Adang Céngos, sarta Hendarso.